K. David Harrison teh dosén Linguistik di
Swarthmore College sakaligus Diréktur Risét
Living Tongue Institute for Endangered Languages.
Panalungtikan étnografina ngawengku élmu pangaweruh masarakat suku
pribumi, carita rahayat, dongéng lisan, jeung sistem paélmuan. Hasil
panalungtikanana dituliskeun dina buku,
When Languages Die: The Extinction of the World's Languages and the Erosion of Human Knowledge wedalan Oxford University Press (2007). Film dokuméntér ngeunaan panalungtikanana, nu judulna “
The Linguists”, asup nominasi
Emmy Awards. Di handap ieu tarjamahan bebas hasil wawancara jeung
K. David Harrison nu dicutat ti rupa-rupa sumber. Hapunten bilih aya nu lepat. Mugia mangpaat.
-------------------------------------------------------------------------------------------------------
Cenah aya sababaraha rébu basa di sakuliah dunya nu saabad ka hareup bakal punah. Naha bisa kitu?
Jumlah pastina mah uing teu nyaho, tapi mun teu salah, kurang leuwih
tujuh rébu basa kabehanan. Tina jumlah ieu, para élmuwan geus
ngiker-ngiker yén satengahna bakal punah jero 10-100 taun ka hareup.Réa
jalma nu curinghak ngadéngé jumlah ieu teh, "Naha geuning uing teu
apal?" cenah. Nya pantes teu apal ogé., da kalolobana jalma ukur nyaho
di basa nu dominan bae.
Salah sahiji alesan basa daérah punah nyaéta lantaran basa nu dimaksud ngalaman prosés
invisibilisasi atawa ngaleungit, tara dipaké deui lantaran panyaturna ngolotan. Salah sahiji contona nyaéta kasus
Marie Smith Jones,
panyatur pamungkas basa daérah Éyak (salah sahiji basa daérah di
Alaska). Anjeunna tos pupus taun 2008. Ku maotna Marie, otomatis basa
Éyak punah.
Panyatur basa daérah siga
Marie Smith Jones biasana cicing
di tempat nu nenggang, béda kampung, atawa pajauh jeung sasama panyatur
basa daérahna. Tumerapna, basa nu dikawasana éta tara dipake dina
paguneman sapopoé, malah bisa jadi kulawargana euweuh nu nyaho yén aya
aya di antara maranéhna nu bisa nyarita ku basa daerah éta.
Dumasar sénsus taun 2005, aya 204 basa daérah nu panyaturna kurang ti
10 urang jeung 344 basa daérah nu panyaturna kari 10-99 urang deui.
Upama panyatur-panyatur ieu cicingna misah, laun-laun basa éta teh jadi
simpé, tara dipaké dina paguneman deui, laju ngaleungit, nepika ahirna
punah sanggeus panyaturna maraot.
Siga nu saab panginten nya? Kawitna mah katingal, lami-lami ngipisan, laju ilang.
Kitu pisan.
Lebar, nya?
Mungguh pikamelangeun keur nu paduli kana pentingna élmu pangaweruh jeung budaya mah.
Salian ti nenggang, béda kampung atawa pajauh, naon deui nu
bisa jadi sabab punahna basa daérah? Naha aya hubunganana jeung
globalisasi sarta tiori seléksi alam?
Alesan utaman basa
daérah punah --di alam
globalisasi ayeuna, nyaéta ayana intervénsi ékonomi jeung sosial kana
widang basa. Panyatur basa daérah saolah-olah dipaksa mopohokeun basana
alatan dikudukeun ku kaayaan. Maranéhna jadi percaya ---ka kultur nu
leuwih dominan, yén basa nu dipaké ku maranéhna teh buhun, kampungan,
moal matak maju, atawa teu cocog jang kapentingan dunya modérn.
Hiji-hijina cara pikeun maranéhna supaya bisa ngigelan jaman nya kudu
“ganti létah”, nyarita ku basa nu sipatna leuwih global.
Conto kasus dicaritakeun ku
Spartak K., salah
saurang panyatur basa daerah Tofa di Sibéria nu lahir taun 1930. Cenah,
masarakat Tofa ngalaman diskriminasi jeung paksaan pikeun jadi urang
Rusia. “Taun 1950-an, urang Tofa teu meunang asup ka toko upama
maranéhna maké baju kulit has Tofa. ‘Dibaju cara urang Rusia heula,
kakara meunang balanja!’ kitu, cenah. Suku Tofa gé dicaram maké basa
daérah di wewengkonna sorangan. Laun-laun, uing jeung nu séjén eureun
nyarita ku basa éta.”
Ieu teh salah pisan. Pikeun mampuh nyarita maké basa global atawa
ngigelan jaman, urang teu kudu eureun maké basa daérah tur euweuh nu
bisa maksa urang eureun nyarita ku basa daérah. Jalma nu multilingual
(bisa nyarita make loba basa) bakal reuwaseun upama hiji poé, manehna
ujug-ujug dititah
monolingual (nyarita ukur ku sahiji basa).
Basa mana nu kudu dikurbankeun atawa diécagkeun? Tangtu kana liwungna.
Keur uing pribadi --nu geus biasa nyarita boh ku basa Inggris atawa
Perancis, konsép
monolingual teh absurd kacida. Leuwih absurd
deui lamun nu ditanyana panyatur nu bisa boh basa Cree (basa daérah di
Kanada) atawa Inggris, upamana.
Naha basa nu ukur dipaké dina tradisi lisan tapi teu boga tradisi nulis bakal leuwih gancang punah?
Lisan jeung tulisan téh dua hal nu béda. Loba basa di dunya teu boga
tradisi tinulis jeung teu butuh tradisi ieu pikeun éksis atawa dianggap
onjoy sanajan enya, ayana karya tinulis bisa manjangkeun umur hiji basa.
Hiji gagasan bisa ditepikeun jeung disebarkeun jero hirup kumbuh ku
ayana tulisan. Tapi nulis teh hiji téknologi nu kawilang ngiwari.
Tradisi lisan boga kaleuwihan nu mandiri. Hanjakal, lantaran geus
dibiasakeun hirup dina tradisi nulis, urang teu pati ngahargaan
kabeungharan jeung kaampuhan tradisi lisan.
Janten kumaha?
Aya tilu faktor nu ngalantarankeun basa daérah bisa leungit. Faktor
kahiji, nyaéta ayana rupa-rupa basa: wewengkon mana nu masarakatna
paling multibasa? Faktor kadua, nyaéta kamungkinan punah: basa daérah
mana nu saeutik panyaturna? Faktor katilu, basa daérah mana nu
dokuméntasina paling saeutik? Loba pisan basa daérah nu teu boga
dokuméntasi mangrupa kamus, rékaman atawa arsip pikeun dibaca jeung
dijadikeun bahan ajar keur balaréa. Tah, upama tilu faktor ieu ngahiji
–rupa-rupa basa, lolongkrang punah jeung saeutikna dokumentasi, hartina
basa éta bakal punah. Kari nungguan waktuna baé.
Uing gawé bareng jeung
Dr. Greg Anderson ti
Living Tongues Institute for Endangered Languages pikeun nalungtik hal ieu, nu ogé mangrupa bagéan tina program
Enduring Voices nu diayakeun ku masarakat
National Geographic.
Nepika danget ayeuna, aya kurang leuwih salosin basa nu dikira-kira
bakal leungit dina waktu deukeut, kaasup dua di Amérika Kalér, hiji di
Oklahoma, hiji di Pasifik Wétan, hiji di British Columbia, Orégon,
Washingon jeung California. Séjénna sumebar di Paraguay, India, Papua
Nugini, jeung Sibéria. Hasil gawé ieu bisa dipaluruh di
http://www.livingtongues.org. Di wébsite éta disadiakeun peta interaktif jeung katerangan ngeunaan basa-basa di sakuliah dunya.
Lian ti basana sorangan, naon nu bakal ilang lamun hiji basa punah?
Ieu panalék nu alus pisan. Lolobana jalma mikir siga kieu, "Sigana
bakal leuwih hadé lamun kabéh jalma nyarita maké basa Inggris." Uing teu
satuju kamandang éta. Singsaha waé nu bisa nyarita maké dua basa (
bilingual)
tangtu apal yén teu kabéh basa bisa ditarjamahkeun ka basa séjénna
satarabasna. Unggal basa mibanda konsép jeung pola pikir nu béda. Bakal
karasa aya nu pegat atawa leungit lamun urang nyobaan narjamahkeun hiji
basa ka basa séjénna kitu baé.
Pikeun jalma
monolingual jeung can kungsi ngalaman kumaha
hésé bélékéna narjamahkeun, uing rék nyarita: pék geura toongan sistem
élmu pangaweruh radisional nu kacida beungharna. Geus kabuktian yén suku
bangsa asli (pribumi) téh leuwih wanoh kana ékosistemna tibatan
deungeun-deungeun.
Contona?
Dina buku
When Languages Die, uing nulis, “
Upama hiji
basa punah, hasil karancagé uteuk salila mangratus taun ogé tangtu bakal
milu punah. Conto karancagé uteuk di dieu misalna sistem kalénder,
sistem usum, ngaran-ngaran sato jeung tatangkalan, logika ngitung,
mitos, musik, cara hirup, jeung sajabana.” Teu kabéh bangsa bisa
nyieun monumén atawa prasasti, tapi unggal bangsa pasti mibanda
kabeungharan basa jeung kosa kecapna sewang-sewang.
Buku uing éta loba pisan nyaritakeun kalinuhungan basa daérah di
Sibéria, lantaran di dinya pisan uing lolobana ngayakeun panalungtikan.
Uing loba tatanya ka suku pribumi Tofa ngeunaan sistem luar biasa nu
dipaké ku maranéhna pikeun nyieun klasifikasi
raindeer (sabangsa kidang).
Raindeer
teh sato nu kacida pentingna keur sukuTofa mah: dagingna didahar,
kulitna dijieun baju, ogé ditumpakan --siga kuda. Teu anéh mun maranéhna
apal pisan kana seluk-beluk
raindeer. Pangaweruh ngeunaan sato ieu dipaké ku maranéhna pikeun ngajaga kalumangsungan hirup di Siberia nu alamna gangas kacida.
Suku Tofa ngawilah-wilah
raindeer kana opat dimensi matrik:
dumasar umur, jalu-bikang, lindeuk-henteu, sarta subur-henteuna. Éta téh
sistem élmu nu kacida ruwetna. Euweuh kecap pikeun ngawilah-wilah
raindeer ieu
boh dina basa Rusia atawa basa Inggris. Jadi, upama suku Tofa dipaksa
bari rurusuhan kudu make basa dominan, pangaweruh ngeunaan
raindeer ieu bakal leungit.
Urang geus loba kaleungitan élmu ngeunaan tutuwuhan obat, ékosistem
laut, jeung rupaning paré nu baheula jumlah variétasna nepika 120
rébuan. Élmu ngeunaan ngaran jeung rupa variétas paré ieu nu ukur
dipikanyaho ku suku bangsa pribumi. Hanjakal pisan upama pangaweruh ieu
leungit. Loba pisan nu can kacatet ku dunya modérn.
Ti taun 1600-an, kacatet aya 484 spésies sato jeung 654 spésies
tatangkalan nu geus punah. Tapi ayeuna, potensi punahna basa daérah
(40%) singhoreng leuwih gédé tibatan proséntase punahna manuk (11%),
mamalia (18%), lalaukan (5%), atawa tatangkalan (8%).
Karugian ku bakal kaalaman ku leungitna basa hésé pisan ditarima ku
akal séhat jalma awam. Maranéhna leuwih bisa narima jeung ngarti résiko
leungitna spésies tatangkalan upama leuweung Amazon dibukbak, misalna,
tibatan résiko leungitna basa. Padahal ceuk
Ken Hale,
ahli basa kawentar, “Upama hiji basa leungit, urang sakaligus bakal
kaleungitan budaya, hasil karya inteléktual, sarta hasil karya senina.
Sarua baé jeung muragkeun bom ka Museum Louvre.”
Cobi langkung jéntrékeun deui...
Suku-suku pribumi téh pakar ngeunaan ékosistemna sorangan. Uingah sok
ngarasa ningnang upama lalajo tim élmuwan ti Amérika nu ngayakeun
panalungtikan di Vénézuéla atawa Nugini, tuluy dina TV maranehna
ngalaporkeun, “Tim kuring geus manggihan 6 spésies manuk anyar,” jeung
saterusna. Saupama tim élmuwan dina ékspédisi samodél kieu daek ngariung
jeung suku pribumi nu nyicingan éta tempat, tuluy nanya ka maranéhna
maké basa daérahna, “Cik béjaan ngeunaan rupa-rupa tatangkalan, lauk
jeung manuk nu aya di wewengkon dieu!” Tangtu tim éta bakal nimu leuwih
ti 6 spésies manuk anyar.
Élmuwan nu daék tatanya ka pribumi bakal colohok mata simeuteun mun
ngaregepkeun kanyaho suku pribumi ngeunaan ékosistemna. Pangaweruh suku
pribumi bisa jadi leuwih kompléks, leuwih canggih, jeung leuwih beunghar
dina urusan klasifikasi manuk, misalna, tibatan taksonomi Barat. Loba
kasus nu nuduhkeun yén pangaweruh jeung kaarifan lokal ngeunaan
ékosistem, leuwih onjoy tibatan élmu pangaweruh modérn. Maranéhna nu
cicing di Kutub Kalér boga pangaweruh linuhung ngeunaan és jeung pola
cai katut migrasi. Di éra
global warming cara ayeuna, pangaweruh éta teh kacida pentingna.
Singgetna dina hal ieu, lamun basa daérah dileungitkeun, bakal aya 3
karugian nu bakal karandapan: ilangna pangaweruh ékosistem jeung ngaran
rupa-rupa spésies, ilangna basa éta sorangan, jeung ilangna sistem
pangaweruh ngeunaan ékosistem nu aya dina basa éta.
Naha panyatur basa daérah sadar yén lamun maranéhna maot, basa daérahna bakal punah?
Sadar sarta ngaku. Maranéhna sadar basana keur digunasika, ngaku yén
gagal nurunkeun élmuna, sarta manglebarkeun generasi ngora nu haré-haré
jeung nganggap sapélé.
Hadéna, krisis basa daérah teh nimbulkeun gerakan ti akar rumput
sakuliah dunya nu miharep ayana révitalisasi basa, di antarana di Kanada
jeung Amérika Kalér. Maranehna teu satuju kana pamanggih nu nyimpulkeun
yén lantaran panyatur hiji basa daérah geus saeutik, mangka éta basa
daérah éta kudu dileungitkeun.
Kumaha prakprakanana prosés dokuméntasi basa?
Minangka deungeun-deungeun, jalma luar nu angkaribung ku alat rékam
jeung sajabana, masalah utama nu disanghareupan ku uing dina
panalungtikan nyaéta kuma cara sangkan bisa ngaraéh kapercayaan ti
panyatur-panyatur basa daérah nepika maranéhna daék diajak deuheus.
Tugas utama linguis minangka élmuwan étis nyaéta ngawanohkeun diri jeung
pamaksudanana kalayan jéntré. Kudu taki-taki enyaan, sakapeung malah
nepungan heula kapala suku --mun aya kénéh sabangsa nu kitu, tuluy
ngawanohkeun manéh pikeun ménta izin jeung panangtayungan salila cicing
di wewengkon eta. Nyanghareupan individu gé sarua carana, mimitina ménta
izin heula pikeun ngarékam jeung ngamangpaatkeun matéri rékaman éta
engkéna, ogé méré kompénsasi mangrupa duit pikeun ngagantian waktu nu
disadiakeun ku maranéhna.
Uing hayang ngawangun hubungan nu alus jeung suku bangsa pribumi,
lain ngan ukur datang, ngarékam, tuluy balik ngaringkid matéri. Matakna,
uing sok ngahaja néangan individu lokal nu kalibet dina kagiatan basa,
tuluy nanyakeun naon nu bisa dibantuan jeung naon nu dibutuhkeun ku
maranéhna. Biasana maranéhna téh ménta, misalna, “Buku abjad ABC” atawa
“Kamera video”. Sok dibéré. Uing gé mangnyieunkeun kamus wicara nu
basisna internét atawa naon baé cara, média, jeung téknologi anyar nu
bisa dimangpaatkeun pikeun ngarojong kalumangsungan hirup basa-basa
daérah nu ampir punah éta.
Naha jasa panarjamah digunakeun pikeun komunikasi jeung suku pribumi?
Di Sibéria mah uing maké basa Rusia. Nu penting mah uing diajar
saloba-lobana ngeunaan basa maranéhna. Ayeuna uing bisa nyarita dina
sababaraha basa nu saeutik pisan jalma nu nyaho, nu panyaturna kari
10-30 urang deui. Uing bisa miluan ngawangkong, ngadéngékeun, jeung
ngarti naon nu dicaritakeun ku panyatur aslina.
Sakapeung uing gé kudu maké basa séjén siga Inggris, Sepanyol atawa
Rusia atawa basa global séjénna. Lamun geus euweuh deui basa nu bisa
dipaké médium, bari euweuh panarjamah, uing make téhnik séjén.
Dina film “
The Linguists”, interaksi munggaran dilakukeun ku cara nuduhkeun bagéan awak, biasana dada, bari nyebut ngaran. Geus kitu, uing jeung
Dr. Greg Anderson
kukurilingan di wewengkon éta, nyokotan gambar objék nu dianggap
penting, tuluy néangan jalma pikeun nyebutkeun ngaran-ngaran objék dina
foto éta. Jadi aya téhnikna. Balatak kénéh basa-basa daérah nu can
kungsi kadokuméntasikeun. Sakapeung rékaman nu dijieun ku uing téh jadi
rékaman munggaran sakaligus pamungkas, sabab panyatur basa daérah éta
geus kolot teuing, can tangtu hirup keneh taun hareupna.
Naon guna basa pikeun budaya, jeung kumaha budaya bisa mangaruhan basa?
Basa mangrupakeun puseur budaya. Uing di dieu ngutip
Nora Vasques, nu diwawancara dina film
The Linguists, lantaran ceuk uing mah, panyatur basa daérah bisa leuwih paséh jeung merenah nyaritakeun eusi haténa tibatan jalma luar.
Nora téh panyatur
Chemehuevi, hiji basa
nu
panyaturna ngan kari dua urang deui. Cenah, “Basa mangrupakeun bagéan
tina diri urang. Basa teh rénghap. Teu boga basa sarua hartina jeung teu
boga nyawa.”
Omongan éta bedas pisan. Basa téh ngébréhkeun panénjo ngeunaan dunya.
Basa téh monumén budaya manusa. Réa jalma nu teu suka mun Katédral
Notre Dame atawa Piramida Giza diancurkeun. Tapi basa leuwih gédé
hartina tibatan katédral jeung piramida. Basa téh monumén karancagé
manusa. Basa teh perkara nu leuwih kuno jeung leuwih aheng tibatan naon
baé nu kungsi dijieun ku leungeun manusa.
Basa daérahna nu ampir punah téh lolobana aya di nagara miskin. Pangwangunan bisa ngamajukeun nagara-nagara ieu, tapi maéhan basana. Kumaha cara supaya tuker-tambahna adil?
Euweuh sahiji jelema, sakumaha miskinna, nu bisa beunghar ku cara
miceun basa daérahna tuluy mulung basa global pikeun dipaké. Nu aya
malah bakal tambah miskin sacara inteléktual. Urang sakabeh,
kolot-budak, utamana barudak, bisa diajar
bilingual atawa
multilingual. Malah, barudak bakal leuwih calakan mun maranéhna ngawasa dua atawa loba basa (
multilingual). Teu kudu miceun basa daérah. Panalungtikan ngabuktikeun yén
bilingual téh nguatan uteuk.
Lian ti éta, basa daérah nyadiakeun tatapakan étnis jeung jati diri
nu kuat pikeun generasi ngora. Salah pisan --sakapeung demi alesan
pangwangunan atawa kampanyeu kasusatraan nasional, upama urang kudu
ngécagkeun basa daérah demi basa nu leuwih dominan. Panyatur basa daérah
Aymara, Zapotéc, Aka, atawa Mowhawk, nolak ideologi ieu. Maranéhna
nyieun kaputusan stratégis keur kasalametan basa daérahna bari angger
ngawasa basa dominan/global.
Kamekaran basa daérah kudu dirojong. Carana, laku-lampah urang kudu
diubah. Lamun urang geus bisa ngahargaan pangaweruh inteléktual nu
asalna tina pangaweruh basa daérah, kakara urang bisa nyalametkeun basa
daérah éta. Euweuh nu nyaho gagasan jenius naon nu bakal jebul tina basa
daérah naon: euweuh monopoli budaya dina urusan karancagé mah.
Naon nu rek ditepikeun ka nu maca?
Loba pisan élmu pangaweruh di sakuliah dunya, nu tacan kasungsi jeung
katalungtik. Sakapeung mah asa dosa, rumasa cul-culan. Unggal
ngawangkong jeung kokolot-kokolot suku pribumi asli, uing teu sirikna
dongko hareupeun maranéhna, asa laip, nyurucud cimata di unggal kecap,
unggal dongéng nu ditepikeun ku maranéhna...