Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Blog

Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Humble Blog

Saturday, March 2, 2013

Diajar Basa Sunda

Sok asa saredih ningali barudak kiwari jarang pisan anu bisa ngomong ku basa Sunda teh, komo deui barudak nu ngarasa era kana basa Sunda. Pajarkeun teh basa daerah (dina hal ieu Basa Sunda) mah kampungan ceunah.

Aya deui nu alesan teu bisa ngomong basa Sunda teh kusabab hese. Da aya undak usuk basa tea pan, jadi asa teu wani lamun arek ngomong ka anu sapantaran, sahandapeun, komo deui ka anu saluhureun.
Jadi, deui-deui ngomongna ku basa Indonesia.

Sim kuring oge da boro-boro bisa ngomong basa Sunda nu alus. Henteu sama sakali.
Tapi bakating hayang pisan ngamumule basa Sunda, nya maksakeun we mulai diajar nulis ku basa Sunda, sabisa mungkin ngomong ku basa Sunda, teu paduli rek kasar rek halus. Nu penting ngomong we heula, da dina pikiran soteh kudu biasa ngomong heula. Lamun nungguan kudu apal undak usuk basa, moal bakalan ngamimitian.

Kuring lahir ti kaluarga urang Sunda.
Pun aki, Bapa Nani Sudarma, katelah pujangga Sunda. Pernah boga buku nu ditulis ku basa Sunda, judulna 'Rusiah Gelang Rantay' , nurun ka anak kaduana Lies Tjandra, anjeuna aktip dina nulis carpon basa Sunda jeung rea-rea deui tulisan dina basa Sunda.

Ari sim kuring boga bapa indung, dua lanceuk jeung hiji adi.
Ti leuleutik dua lanceuk kuring biasa sapopoena ngomong ku basa Sunda.
Tapi mimitian ti sim kuring jeung adi, mamah jeung papah teu ngajarkeun basa Sunda ka kuring jeung adi. Duka kunaon ....

Nepi ka ayeuna, dua lanceuk kuring mun ngomong nya make basa Sunda.
Ari adi mah nepi ayeuna mah ku basa Indonesia we, da ngarti basa Sunda oge ngan kitu-kitu hungkul.
Kuring oge da mimitina mah teu bisa ngomong basa Sunda, tapi beuki gede kuring mikir, mun kuring teu bisa ngomong basa Sunda, kumaha nya... naon nu bisa dibanggakeun.

Ti harita kuring mulai maksakeun ngomong ku basa Sunda. Mun ngadangu mah geus biasa, da di imah sapopoe sok ngadangu lanceuk jeung mamah papah ngomongna ku basa Sunda. Jadi tinggal dipraktekeun we naon nu pernah didangu. Nya maksakeun .... Sanajan era jeung sieun oge, bisi salah. Tapi kuatna niat ngelehkeun era jeung sieun tina nyieun kasalahan. Sabodo teuing lah, masih mending kuring mah aya kadaek diajar, da nu sejen mah boro-boro kapikiran meuren.

Nepi ka tulisan ieu medal, kuring ngarasa keneh basa Sunda kuring masih keneh jauh ti alus. Ceuk batur mah "heuras genggerong" alias kasar. Buktina nya dina tulisan ieu, nya kieu lah basa Sunda nu sapopoe jadi basa Sunda urang Bogor kiwari.
Tapi kuring teu paduli, nu penting aya keneh nu ngomong basa Sunda, da kuring sieun mun engke-engke teu aya deui nu jadi panutur basa Sunda.

No comments:

Post a Comment