Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Blog

Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Humble Blog

Sunday, February 3, 2013

Teu Acan Ngalaman




Hiji poé Mang Uya teu kahaja kapanggih baturan kuliahna nu ayeuna geus boga salaki jeung dua anak.
Ngamimitian obrolan Mang Uya nanya kabar jeung kagiatanana.
''Damang, ceu?''
''Alhamdulillah''
''Kumaha? Masih osok pependak jeung nu lain teu? Baturan jaman kuliah?''
''Ah boro ... Nu aya riweuh ngurusan barudak aya dua di imah. Jaba laleutik kénéh. Riweuh sapopoé téh Ya ...'
................
Mang Uya garing tikoro ngadangu babaturanana ngomong kitu. Teu acan karasaeun ku babaturan Mang Uya nyerina haté jiwa raga mun Gusti Alloh mundut deui éta barudak anu disebut ngariweuhkeun téh.
Sanajan ngan saukur babasaan, asa teu pantes aya indung ngomong riweuh ngurus anak.
Enya ayana, loba jalema siap kawin, tapi teu siap boga anak.

*************************************************************************************************************

Tulisan ini dapat dijumpai pula disini: http://fikminsunda.com/naskah/250242435017331_488417317866507 . Profil beserta tulisan lainnya karya Muhammad Moulya dapat dijumpai disini: http://fikminsunda.com/profil/1441718724 .
.....

Nuhun Gusti

Ceunah keren jeung gaul anu kieu teh?



Ningali budak ngora kiwari, Mang Oya teu beak mikir.
Nu awéwé meuni teu éra awak geus jebrog masih kénéh maké hobi baju orok. Di abrah ébréh euweuh kapaur. Teu éra na pésbuk masang poto nu keur nyekel botol inuman bir bari sungutna ngelepus kos kompor minyak nu mareumanana diképrét ku cai terus aseupna kamana mendi. Teu mikir kolotna beurang peuting néang duit jeung ngahirupan manéhna.
''Gusti, abdi ikhlas Neng Nisya pun alo dipundut anom kénéh ku anjeun, janten baresih kénéh teu aya dosa. Nuhun Ya Alloh...'' bari nyakclak cipanon Mang Oya.

Neng geulis nu solehah jeung mamangna.




................................................................

Tulisan ini dapat pula dijumpai di: http://fikminsunda.com/naskah/250242435017331_479228042118768 , dan profil beserta tulisan karya Muhammad Moulya lainnya dalam Bahasa Sunda dapat dijumpai di:
http://fikminsunda.com/profil/1441718724

Partanda


Kelenci piaran Neng Nisya jeung bayawak leutik piaran sim kuring.

Hiji poé balik sakola Néng Nisya ceurik inghak-inghakan barang dibéjaan ku nini jeung mamangna yén kelencina paéh.
''Mang Oya mah bohong kan! Kelinci Nisya ngga mati kan'' bari rambisak inghak-inghakan teu percayaeun.
''Iya Nisya, udah mati sayang. Nanti sore kita beli lagi ya sayang di deket Kebon Raya.'' waler mamangna nu pinuh kanyaah ka alona éta.
Karak wé budak téh répéh diolo kitu ku mamangna.
Sorénakeun diboncéng Néng Nisya ku mamangna ka Kebon Raya. Rék meuli kelenci sajodo. Geus nepi, meuni sumanget eta budak awewe sapuluh taun milihan kelenci.
Mamangna ngan ukur bisa senyum bari haténa seseblakan ningali alo nu dipikanyaahna katingali bungah kacida, ''Ya Alloh, hatur nuhun Anjeun masihan alo nu tiasa masihan kabagjaan haté kanggo abdi, padahal abdi mah mung saukur mamangna. Mugia Anjeun bukakeun panto haté apana supados apana tiasa langkung nyaah deui ka Neng Nisya, anakna.''
Kira-kira tilu minggu kaliwat ...
Kelenci paéh
''Mang, kelincinya mati lagi Mang..''
''Iya sayang. Kelinci mah memang gampang mati. Nanti mah jangan miara kelinci lagi ya sayang.''
''Iya Mang, ngga akan piara kelinci lagi Mang..''
''Alhamdulillah, budak téh teu ceurik deui kelencina paéh. Tos ngartieun meureun.''
Isukanana...
Manuk toéd paéh
Sapoé ti paéhna toéd, babarengan ...
Oray sanca piaraan paéh
Beurit bodas parab oray paéh
Anak ucing paéh
Ngan sababaraha poé ti paéhna piaran-piaraan Mang Oya jeung Neng Nisya ...
Mang Oya pingsan ...
17 Mei 2012 ...
Neng Nisya nu kacida dipikanyaah, ngantunkeun.
Innalillahi wa innailaihi rojiuun.

---------------------------------------------------------------------------
Tulisan ini dapat dijumpai pula disini: http://fikminsunda.com/naskah/250242435017331_478642568843982 , dan Profil beserta tulisan karya Muhammad Moulya lainnya dalam Bahasa Sunda dapat dilihat disini: http://fikminsunda.com/profil/1441718724 .



Barudak

Neng Nisya jeung baturna, si Jojo.



Isuk kénéh wayah kieu handapeun panon poé nu haneut barudak geus pating gorowok hareupeun imah. Nu awewe mah karalem wé merhatikeun barudak lalaki maraén koléci. 
Kuring asup ka kamar nyokot duit récéhan saratus dua ratus lima ratusan. Aya meureun lima rebueun. 
Bet kuring kaluar deui, pura-pura ningali barudak maén koléci.
Keur barudak ting kocéak maén koléci ku kuring gaurkeun éta récéh. 
Barudak meuni haréboh, teu nu lalaki teu nu awéwé, kabéhanana rebutan duit nu digaurkeun cara sawéran pangantén.
Kacida bungahna ieu haté ningali barudak pating gorowok, sareuri, éar-éaran, da aya nu teu kabagian téa.
Lamat-lamat, dina gigireun asa nyata si eneng pun alo sapuluh taun milu nyaksian bari seuri ka sim kuring, mamangna.



------------------------------------------------------

Tulisan ini dapat dijumpai juga disini: http://fikminsunda.com/naskah/250242435017331_478364532205119 
dan tulisan saya yang lainnya dalam Bahasa Sunda dapat dijumpai disini:http://fikminsunda.com/profil/1441718724 .

Duh Gusti



Gunung Salak meuni gagah enjing ieu lantaran langit bersih teu aya ceudeum. 
Mung rasana abdi teu sagagah Gunung Salak, hate ceudeum keneh kabayang dugi ka bumi moal aya deui si eneng geulis pun alo sapuluh taun nu biasa diheureuyan.



---------------------------------------

Tulisan-tulisan saya yang lainnya dalam Bahasa Sunda dapat dijumpai disini:
http://fikminsunda.com/naskah/250242435017331_478337612207811 )



Dinten Ieu


Dinten ieu kaping 25 Desember.

Kuring sakulawarga diulem pun bibi ekahan incuna. Ti enjing keneh tos sariap ka Cibogel.
Dugi ka Cibogel meuni tos rame ibu-ibu pangaosan di bumi pun bibi. Nya di lembur namina oge.
Rengse pangaosan, pun bibi nu ti Garut nyarita yen wengi tadi ngimpen Nisya. Kuring nu ngadanguna tuluy ceurik. Teu lami hujan meuni ngagebret.
Kasorenakeun hujan masih oge ngagebret. Kuring anggo jas hujan sareng calanana. Motor dihurungkeun. Tuluy barangkat.
Di jalan dina handapeun langit nu ceurik, panon sim kuring oge baseuh ku cipanon. Ceurik.
Ahirna dugi oge di tempat nu di tuju.
Dina handapeun langit nu milu ceurik, teu aya sasaha, sim kuring tangkeup kuburan neng Nisya.                    Pun alo sapuluh taun kanyaah kuring.