Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Blog

Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Humble Blog

Sunday, February 3, 2013

Partanda


Kelenci piaran Neng Nisya jeung bayawak leutik piaran sim kuring.

Hiji poé balik sakola Néng Nisya ceurik inghak-inghakan barang dibéjaan ku nini jeung mamangna yén kelencina paéh.
''Mang Oya mah bohong kan! Kelinci Nisya ngga mati kan'' bari rambisak inghak-inghakan teu percayaeun.
''Iya Nisya, udah mati sayang. Nanti sore kita beli lagi ya sayang di deket Kebon Raya.'' waler mamangna nu pinuh kanyaah ka alona éta.
Karak wé budak téh répéh diolo kitu ku mamangna.
Sorénakeun diboncéng Néng Nisya ku mamangna ka Kebon Raya. Rék meuli kelenci sajodo. Geus nepi, meuni sumanget eta budak awewe sapuluh taun milihan kelenci.
Mamangna ngan ukur bisa senyum bari haténa seseblakan ningali alo nu dipikanyaahna katingali bungah kacida, ''Ya Alloh, hatur nuhun Anjeun masihan alo nu tiasa masihan kabagjaan haté kanggo abdi, padahal abdi mah mung saukur mamangna. Mugia Anjeun bukakeun panto haté apana supados apana tiasa langkung nyaah deui ka Neng Nisya, anakna.''
Kira-kira tilu minggu kaliwat ...
Kelenci paéh
''Mang, kelincinya mati lagi Mang..''
''Iya sayang. Kelinci mah memang gampang mati. Nanti mah jangan miara kelinci lagi ya sayang.''
''Iya Mang, ngga akan piara kelinci lagi Mang..''
''Alhamdulillah, budak téh teu ceurik deui kelencina paéh. Tos ngartieun meureun.''
Isukanana...
Manuk toéd paéh
Sapoé ti paéhna toéd, babarengan ...
Oray sanca piaraan paéh
Beurit bodas parab oray paéh
Anak ucing paéh
Ngan sababaraha poé ti paéhna piaran-piaraan Mang Oya jeung Neng Nisya ...
Mang Oya pingsan ...
17 Mei 2012 ...
Neng Nisya nu kacida dipikanyaah, ngantunkeun.
Innalillahi wa innailaihi rojiuun.

---------------------------------------------------------------------------
Tulisan ini dapat dijumpai pula disini: http://fikminsunda.com/naskah/250242435017331_478642568843982 , dan Profil beserta tulisan karya Muhammad Moulya lainnya dalam Bahasa Sunda dapat dilihat disini: http://fikminsunda.com/profil/1441718724 .



No comments:

Post a Comment