Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Blog

Welcome to Muhammad Moulya Yamada's Humble Blog

Sunday, February 3, 2013

Barudak

Neng Nisya jeung baturna, si Jojo.



Isuk kénéh wayah kieu handapeun panon poé nu haneut barudak geus pating gorowok hareupeun imah. Nu awewe mah karalem wé merhatikeun barudak lalaki maraén koléci. 
Kuring asup ka kamar nyokot duit récéhan saratus dua ratus lima ratusan. Aya meureun lima rebueun. 
Bet kuring kaluar deui, pura-pura ningali barudak maén koléci.
Keur barudak ting kocéak maén koléci ku kuring gaurkeun éta récéh. 
Barudak meuni haréboh, teu nu lalaki teu nu awéwé, kabéhanana rebutan duit nu digaurkeun cara sawéran pangantén.
Kacida bungahna ieu haté ningali barudak pating gorowok, sareuri, éar-éaran, da aya nu teu kabagian téa.
Lamat-lamat, dina gigireun asa nyata si eneng pun alo sapuluh taun milu nyaksian bari seuri ka sim kuring, mamangna.



------------------------------------------------------

Tulisan ini dapat dijumpai juga disini: http://fikminsunda.com/naskah/250242435017331_478364532205119 
dan tulisan saya yang lainnya dalam Bahasa Sunda dapat dijumpai disini:http://fikminsunda.com/profil/1441718724 .

No comments:

Post a Comment